2 Samuel 13
Ari putra Daud anu jenengan Absalom kagungan saderek istri geulis, jenenganana Tamar. Dipikabogoh ku Amnon, putra Daud misah ibu.
Kacida bogoheunana Amnon teh, nepi ka kagegeringan, tina taya harepan bisa laksana, kawantu kacida dipingitna sakumaha lumrahna parawan.
Amnon boga sobat ngaranna Yonadab putra Syama saderek Daud, kasebut jelema loba akal.
Saur Yonadab ka Amnon, "Ku naon putra raja teh saban dinten katingalna nguluwut bae? Ngamanahan naon?" Waler Amnon, "Kuring teh hayang ka nyi Tamar rayina Absalom, dulur tere."
Saur Yonadab, "Gampil, pura-pura teu damang we, ebog di pajuaran. Upami engke rama sumping ngalayad, kedah unjukan kieu, ‘Tamar piwarang ka dieu sina mangdamelkeun katedaan. Kedah di dieu ngadamelna supados katingal, sareng sina teras ngalaladenan di dieu.’"
Tuluy Amnon lebet ka pajuaran, ebog pura-pura teu damang. Raja Daud sumping ngalayad. Saur Amnon, "Tamar widian ka dieu sina mangdamelkeun kueh. Di dieu ngadamelna ngarah katingal. Diasongkeunana hoyong ku manehna."
Daud ngintun talatah ka Tamar di karaton, kieu, "Longok akang maneh, Amnon, jeung pangnyieunkeun kadaharan."
Tamar sumping, Amnon kasampak keur ebog. Tamar ngadamel adonan didamel kueh di dinya, diawaskeun ku Amnon.
Sanggeus kuehna asak dijait tina panggorengan, tuluy disina dituang ku Amnon. Tapi Amnon can kersaeun, saurna, "Nu sejen sina arindit!" Sanggeus nu sejen kalaluar,
Amnon ngalahir ka Tamar, "Cepeng kuehna di dieu dina ranjang, Akang huapan." Kueh ku Tamar dicepeng rek ngahuapan ka raka.
Tamar ku Amnon dikenyang tuluy ditangkeup, bari saur Amnon, "Urang ebog sareng Akang!"
Saur Tamar, "Alim! Akang ulah maksa ngajak nista! Aeb temen!
Kumaha engke abdi, moal kiat patingal sareng batur! Akang oge tangtos bakal awon kasebatna ku urang Israil. Ari bade leres-leres mah atuh suhunkeun bae ka raja, moal teu dipaparinkeun."
Ku Amnon henteu ditolih. Bubuhan pameget leuwih kuat batan istri, Tamar ku anjeunna dikenyang kana pajuaran terus dipaksa.
Ari geus anggeus rey bae Amnon ngarasa cua liwat saking, leuwih ti batan rasa bogohna tadi samemehna. Tamar diusir, saurna, "Jor ka ditu, kaluar!"
Saur rayina, "Alim, isin! Ngusir abdi kieu leuwih jahat ti batan kalakuan Akang anu bieu!" Amnon teu kersa ngadangu,
kalah ka nyaur gandek kadeuheus, saurna, "Usir ieu awewe ti hareupeun kami, jongklokkeun ka ditu, panto konci!"
Tamar ku eta gandek dikenyang dibawa kaluar, pantona tuluy dikonci. Harita Tamar nganggo raksukan kurung, panjang ngagapuy dihias-hias, sakumaha layakna anggoan putri raja jaman harita keur parawanna.
Tamar ngarawu taneuh ngebul diawurkeun kana mastakana, anggoanana disosoeh, tuluy angkat ti dinya nungkup raray bari nangis ngabangingik.
Waktu Absalom ningalieun, tuluy mariksa, "Dipaksa ku Amnon tadi teh? Keun bae Rayi, tong teuing jadi pikiran. Manehna teh lanceuk tere Rayi, jadi ieu kajadian ulah dibejakeun ka saha-saha." Tamar terus cicing di bumi Absalom, nyingsalkeun anjeun.
Daud ngadangu eta kajadian, langkung-langkung benduna.
Ari Absalom ti harita ngamusuh ka Amnon anu geus ngotoran Tamar rayina, teu kersa palemek-lemek acan.
Dua taun ti harita, Absalom ngaguntingan bulu domba di Baal Hasor deukeut desa Epraim. Putra-putra raja kabeh diondang.
Absalom ngadeuheus ka Raja Daud, unjukan kieu, "Ama, Sang Raja, putra ayeuna nuju ngaguntingan bulu domba. Hoyong disumpingan ka ditu sareng para mantri. Kersa?"
Waler raja, "Moal anaking. Ka ditu sarerea mah atuh hidep repot." Absalom ngeukeuhan, tapi raja teu kersaeun. Absalom dipiwarang undur.
Tapi Absalom unjukan deui, "Upami kitu, Amnon atuh widian, kenging?" Waler raja, "Rek naon Amnon kudu ka ditu?"
Tapi bawaning ku dikeukeuhan tungtungna Amnon diwidian ngiring ka Absalom bareng jeung putra-putra anu sejenna. Absalom nyadiakeun tuangeun lir keur tuangeun raja bae.
Tuluy marentah ka gandek-gandek, saurna, "Amnon awaskeun. Lamun nginumna geus nemen, geus mabok, lamun ceuk kami paehan, paehan! Tong inggis-inggis, kami anu tanggung jawab. Sing wani, ulah raga-reugeu!"
Gandek-gandek narurut kana parentah Absalom. Amnon dipaehan. Pala putra Daud anu sejenna buru-buru marancal bigalna, biur ditegarkeun.
Sabot pala putra di jaralan keneh, bejana ku Daud geus katampi. Ceuk nu mawa beja, "Pala putra sadayana ditelasan ku Absalom, teu aya anu kantun!"
Neut raja ngadeg, anggoanana disosoeh, bluk ngabeubeutkeun anjeun kana taneuh. Gandek-gandek anu araya di dinya oge nyosoeh pakeanana.
Pok Yonadab putra Syama saderek Daud unjukan, "Gusti Sang Raja! Anu ditelasan mung Amnon, anu sanesna henteu. Mugi kauninga, parantos lami Absalom kagungan niat kitu, ti wangkid Tamar rayina diganggu ku Amnon.
Ulah dipercanten eta wartos teh. Henteu sadayana ditelasan, mung Amnon wungkul."
Ari Absalom mah geus ngalolos. Sabot kitu prajurit anu jaga garduh nenjo aya aleutan ti lebah Horonaim keur marudun ti pasir. Tuluy diunjukkeun ka raja.
Yonadab miunjuk, "Putra-putra Gusti parantos sarumping, sapertos sanggem abdi bieu."
Kakara ge tutup unjukanana, putra-putra Daud geus sarumping bari narangis. Daud jeung para mantri oge narangis.
Absalom kaburna ka Talmai bin Amihud raja Gesur, terus cicing di ditu nepi ka tilu taun. Daud lila pisan prihatinna katilar ku Amnon.
(13:37)
Sanggeus manahna paler ka Amnon, jorojoy sono ka Absalom.